RATU JIN QOLBUNIYAH DI PASANTREN KERESEK – GARUT (BAGIAN KA OPAT)

Cerpen90 Dilihat

Bagian Ka Opat – Jin Geulis Bengis

Ku: HASBA

Kuring hudang, tuluy diuk.  Tapi naha bêt tuluy nyuuh ngagukguk, sungut teu karasa deui nyebut-nyebut Mama sababaraha kali. Sasambat ka anjeunna kawas ka nu aya kênêh dikieuna.  Kurang leuwih saparapat jam nalangsa kitu têh, tuluy inget deui. 

Kuring babacaan sangkan mama dilegakeun di ahêrat diriksa ku rohmat Pangêran.  Kuring teu bisa sarê deui, tug tepi ka isuk.  Paman kuring , Bibi Kuring ti Sumurkondang nya kitu deui ti sêjên tempat malah barudak santri gê rabul baê daratang ngemitan kuring sakulawarga.  Hasan can cageur kênêh baê.  Nu kemit bergilir nu marondok nu bêla milu tunggara taya sudana. 

Tapi naha naon atuh na kudu disanghareupan sanajan cêk cohagna di imah kuring arêk ngayakeun mobilisasi sababaraha batalion ogê da nyanghareupan musuh nu luhur êlmuna jeung jirimna halimunan da puguh Jin?  Teu matak reugreug najan nu jaga rajeg ogê.  Malah jadi matak tambah geumpeur, da ari loba jelema anu kemit si Jin teu uyahan têh sok beuki motah, ngahajakeun nu pikasebeleun pisan. 

Bisa pisan perangna urat saraf têh.  Bubuhan itu mah nênjo ka urang, ari urang luput di mana mangkelukna musuh têh.  Umpama baê kieu dina ngaheureuykeunnana têh.  

Dina mangsa-mangsa loba anu keur kemit atawa musyawarah naon baê. Malum di pasantrên têa, teu nyaho timana jolna sok tereleng baê aya beurit ka tengah-tengah riungan, teu ti beurang teu ti peuting êta têh.  Atuh komo baê ninggang di awêwê mah. 

Anu ngarariung mani ting jarerit, tinggalibirig nyingsatkeun samping sakapeung bari tingjalerit birat lalumpatan bari kokocêakan.  Ka anu kitu polah, ngahanakeun pisan, tah si Jin teu uyahan beurit têh. Aya beurit teu sieun ku pada ngagebrig, malah-malah angger ngahajakeun sigana. 

Hayoh nêrêkêl heula kana bitis nu gilaeun têh, ditaêkan heula, tuluy turun deui mapay-mapay ka sakur suku-suku nu aya.  Ku anu waranieun jeung keuheul sakumaha biasana urang ijid ka beurit.  Si beurit colonos têh sok pada ngarepuk.  Keuna wêh panggebugna, ana pudigdig têh nu tadina sagêdê cucurut, bet jadi sagêdê anjing tumang heug ngagerem atuh puguh baê ngaburiak jelema têh najan lalaki gê.

Geus kitu mah atuh ari aya beurit têh tara dikitu-kieu sanajan kumaha-kumaha ogê, pada ngantep baê.  Kumaha engkê lamun seug paêh deui ku paneunggeul, heug wêh jadi tambah lobana musuh anu rêk males cara ku paêhna oray hideung têa.  Bisi lain beurit samanêa. 

Pikeun beurit-beurit anu saenyana beurit, jadi aman.  Da pada ngantep.  Atuh teu wudu jadi loba beurit enya anu ngagalaksak kana sagala anu aya.  Sumawonna kana pare mah, kana anggel, kasur, bubutututan bêak ku beurit.  Tambah wêh kariweuh têh.

Katompernakeun ku lantaran ari aya beurit sok pada ngantep têa, bijil deui kamonêsan anu pikaseurieun pikagilaeun batur têh, saperti kieu:  Upama keur ngariung-ngariung teu kaop aya panto molongo, atawa jandêla muka,  kitu deui deui lawang para. Sok lol ti nu kitu aya leungeun ramosbos, hideung nya gede nya panjang.  Siga kandel buluna, kukuna rangoas pikagilaeun. 

Petana êta leungeun kawas nu rêk ngaranggeum kanu araya.  Cara urang têa ari ngarauk-rauk si Julang ka budak.  Ari ngêlêkêtêk budak leutik (orok) sina ceuceuleukeuteukan seuri, saha anu teu gila teu sieun da asa kop baê dirawu atawa dikerewes ku kukuna nu paranjang sia sareukeut pisan têh.  Urang mah paling-paling ngêlêkêtêk kana beuteung budak têh lalaunan.  Itu mah kawasna têh matak pejêt jelema, tiluan baê mah karanggeum ku sakali gê tina badag-badagna jeung ranggoasna. 

Sakapeung kajadian nu teu disangka-sangka jin sok nèmbongan bungkeuleukan!  Ari nèmbonganana unggal-unggal barudak santri keur teu ngaraji dina malem Juma’ah minangka hari liburan. Barudak tèh sok marotah hareureuy di jero pondok.  Aya nu heureuy, aya nu ngobrol, nu ocon, nu maen gambusan ku sungut jeung rupa-rupa kamonèsan.  

Ana jentrèng tèh aya sora hitar mani harus jeung genah laguna anu jolna èta sorana tèh ti para.  Barudak santri kabèh tanggah ka para , ari brèh tèh dina lawang para anu keur sidendang.  Hiji mojang geulis anu ngalèlèkè bari ngeukeuweuk hitar.  Barudak santri kabèh olohok bari jeung kukurayeun pundukna, bujurna kokoplokan. Sarta teu wanieun lila-lila tanggah ka luhur. 

Ku ayana kajadian kitu , dimana aya sora hitar ti para teh santri-santri geus tara taranggah deui, jongjon baè paharè-harè.  Lamun peuting mah pantes dèk nutupan jandèla-jandèla tèh, ari beurang mah apa teu lumrah.  Tapi kapaksa di imah kuring mah beurang peuting gè kudu riringkeb baè.  Jadi salawasna kudu poèk. Beuki siga wèh yèn imah jurig, atawa imah anu aya jurigna.  

Anu minangka matak lucuna jeung jadi seuri nu mireunggeuh sarta muwuh matak èra nu jadi korban mun aya nu dipakè saperti alat peraga pikeun ngaheureuyannana. 

Nyaèta nyulang-nyèlong tina tarang hawu.  Boh tina sèèng.   Bisana mèrongna tèh èta kurata sabudeureun awak, mani pinuh badan sakujur.  Sumawonna anu buligir, sajeroeun baju jeung calana gè kapulas rata, ari hudang tèh atuh èta si korban-korban anu dijieun alat peraga teu bèda corèlèngna tik kuda zebra. 

Leuheung lamun ku mèhong wungkul, èta lamun tukang hias kakurangan mèhong atau boa mah dihaja.  Mulasna beunget tèh babakuna disahandapeun irung sok dicampur tai kotok medok atawa babauan sèjènna.  Der dihideungan sangkan sarua hideungna. 

Kacipta ku anu teu ningali hideungna saharita ge; kumaha pirupaeunanan (mimikna) beungeut si korban.   Nya corèlang, nya hideung ludang-lèdong bari nyengir atawa manyun, cara biwir munding anu ngasin tèa geuning mani nyuhi biwir luhur dipakè nutupan liang irungna awahing bau ka beungeut sorangan.

Aya deui nu matak paur, nyaèta ari geus mindah-mindahleun anu sarè.  Boh kolot boh budak, boh putra menak bol lain. Kabèh ngarasa teu aman.  Mun sarè duaan atawa nyorangan tèh, teu wudu jadi korban. Leuheung mun ukur duculang-cèlong dizèbrakeun tèa, ieu mah nu dipindahkeun kana luhur kawat telepon. 

Geura baè manah sagèdèna ogè, kawat makè bisa dipakè nangkarak ku anu sarè mani nyegrèk ti peuting nepi ka isuk.  Saamanna ogè lamun tibeubeut ka jalan tina nu kurang leuwih luhurna 4 mèter.  Nu kitu sok geuwat ditulungan saakal-akal ku mèja disusun tepi kasalametna.

Dongeng Mang Deddy

Ti Tjandrahajat, pangalaman alona urut santri Kèrèsèk anu pangalaman waktu masantrèn di Kèrèsèk.  Pangalaman anu teu diucah-aceh da èra ta ku batur.  Kieu pokna tèh: “Kuring jadi korban jurig nu matak seuri sorangan tina salah sahiji gangguan jin Kèrèsèk. 

Batur-batur santri mah ngan ukur awakna atawa pakèannana anu dipakè heuheureuyan tèh, kuring mah…Heuheuy deuh! Kajadiannana tèh ku ti beurang deuih. Bada lohor keur sarè di masigit (kasarèan awahing ku tunduh) da peuting tas kemit.  Kira-kira manjing asar kuring hudang, na ari hudang ari cicikik tèh kuring seuri. 

Matak kagèt nu ngadèngè mun aya mah.  Hadèna waè euweuh sasaha.   Kuring bari seuri sorangan turun tutururubun ka cai tuluy mandi jeung nyeuseuhan sagala!  Matak kuring kitu peta tèh kieu:  

Di dituna tèh dina sarè tèa, kuring ngimpi sakitu sarè ti beurang èta tèh.  Ngimpi disampeurkeun raja bangkong anu gedè leuwih ti gedè. Si panakol dirèka-rèka dirupakeun hulu gedèna leuwih ti terebang biasa heug ditabeuhan eta terebang tèh dihareupeun kuring ku èta si raja bangkong mani harus naker. 

Dur-duran mani tarik alah batan sora bedug.  Hiji terbangna gedè, kadua panakolna gè gedè deuih jeung buluan. Si panakol gè dirèka-rèka di rupakeun hulu bangkong makè dimataaan bodas, disungutan, diceulian nanaon. Kuring resep mani anteng nènjo panakolna. 

Dina keur resepna pisan ari nyah tèh beunta rarasaan tèh keur dina impian kènèh jeung tetep cara tadi keur uleng neuteup kènèh panakol terbang tèa. 

Tapi naha atuh ari èling jeung beunta enyaan, hartina geus nyaring bet enya katènjo kènèh, èta panakol hideung nu nakolan terbang bodas tèh! Disidik-sidik bari enya geus nyaring tèa key baè kuring seuri. Seuri ngan sorangan tea, naha naon kitu nu matak kuring seuri?  Sing horèng (punten) anu disumput-sumput tèa, duka atuh punten…anu dihideungan dirupakeun jeung digambarkeun hulu bangkong tèh! Keur anteng pisan nakol ku manèh kana pangdiukanna anu geus dipulas ku apu lamèdong kandel nu minangka jadi terbang raksasana tèa.  

Kitu tah anu matak teu diucah-aceh teh jeung teu beunang ditanya ku batur gè èra harita mah.  Pangna rusuh mandi gè kuring niat ngumbah nu lamèdong jeung nyeuseuh samping nu burah-bareh ku mèhong. 

Heug sampingna ngan hiji-hijina paranti salat.  Ti harita kuring sarè sok dicalana rangkep!  Jailna lain kanu aya diimah kuring atawa di masigit anu diheureuykeun baè di pondok gè di kobong-kobong santri jadi motah pisan.

Mèh saban peuting aya anu dipindahkeun sarèna boh ka luhureun bak (kana biwir bak) anu kènca katuhuna cai.  Teu kurang-kurang arina lilir peuting kènèh geus tigebrus ngagejebur kana cai.  Sajaba ti kanu mondok anusalat gè tu kudu jadi objèk, jadi bulan-bulanan. 

Sing saha anu salat nyoranan, boh nu miheulaan batur atwa katinggaleun ku batur kudu jadi korbanna si jurig.  Anu nyorangan di pondok ogè nyakitu.

Hiji mangsa, kabeneran Den Djaja putra juragan Naib Ciawi ninggalkeun anjeun di kobong.  Batur-batur mah budal ka masigit ngaraji ari anjeunna ninggalkeun manèh dipondok.

Ti beurang harita tèh. kIra-kira lohor ahir (jam tilu). Keur raos-raos Dèn Djaja lalangkarak, bari ngapalkeun salah sahiji pelajaran ngaji, bet ngadangu aya kèrètèk-kèrètèk sada bèurit rèk asup kana wadah kitab anu dina pago (rak kitab) ku anjeunna dirèrèt. 

Ana brèh tèh cènah katingali dina pago kitab bet aya awewe ngora geulis keur ucang-ucangan baè gawèna , bari ngajak seuri atawa nyeungseurikeun meureun.  Èta awèwè tèh dimukena, najan kitu sarèrètan gè gèulisn mah katara, bangirna irung, cureuleukna panon ngajaleprètna halis hidueng, kempotna pipi, bèrèsna huntu anu alusna rata bodas, beureum biwirna, hèarng sabodas panon nu disinaran ku sipat sisina.

Den Djaja tèh sohor keur di H.I.S. na mah pangcunhinna ka istri.  Pangwanina ari nyanghareupan rèrèncangan istri, boh guruna, boh babuna. 

Sakur istri wèh teu aman ku Dèn Djaja mah kabèhkèun diulinkeun baè.  Tapi nah aharita aya istri heug nu geulis ka kobongna, makè sawan? Tibuburanjat awahing ku sieun. Samèmèhna mah anjeunna tèh saperti juragan Mantri Cacar tèa rad-rada suaban. 

Pajarkeun tèh najan jurig ari geulis mah pikabogoheun sok ka dieu nèmbongan. Tapi ari gok geuning anggur siga eureuep-eureup. Salira karasana tèh beurat asa ditindahan batu, sungut tulung-tulungan asa tarik tapi euweuh nu ngadèngè, jeung naha mani jadi serak sakitu teu ka luar sora tèh?  Keur kitu tèh cènah ana gelik tèh suling.  Lain suling anu ngahudang kaèling, anu matak baluweng ngagugah asmara, anu daya narik birahina ati matak ting sèrèdèt kana hulu hatè, tapi sora suling nu matak muringkak bulu punduk.

Tarikna matak torèk, hèangna matak sawan jeung naha èta suling bet beuki ngalobaban baè jeung ngadeukeutan  kana ceuli?

Dèn Djaja asa geus kop baè aya anu ngarawu, asa geus leg baè dilegleg jin.  Suku Dèn Djaja dikerejetkeun, niatna arèk tuluy hudang arèk tuluy lumpat.  Na ana pok tèh èta anu geulis ngomong bari tetep ucang-ucangan, sorana gedè ngagoronggong, “ Tong kulusak-kulisik baè manèh, bisi dipencèt siki kan**t!”

Tas ngomong kitu teu antaparah deui, gabrug tèh èta nu geulis ka Dèn Djaja ngarontok, kana taeunna.  Pokna cèk èta jin ngomong mani ngagoronggong:” Beunang siah anu sok dipakè jahat tèh!!!”

Dèn Djaja jadi teu inget di bumi alam awahing nyeri.  Les baè anjeunna kapaèhan. Atuda dipencèt eusi kolor satakerna tèa cènah boro-boro dipencèt jin anu kitu mah.  

Ku jelema ogè najan lalaunan matak ngudupung.  Èling-èling deui èta Dèn Djaja pada ngariung-riung, pada ngajarampè pada nulungan.   Isukna, Dèn Djaja pamit mulih ka Ciawi diringkid sadayana kitab.  Niat mo mulih deui sapanjang si jin aya kènèh mah.

Cag…

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *